Kamis, 24 Februari 2011

PEUTING PANUNGTUNGAN

PEUTING PANUNGTUNGAN
Ku AmaliaLilia Rozali

Teuing peuting kasabaraha kuring diuk ngalangeu marengan simpena peuting nu rehe. Geus moal kataheur jurulungna cimata, boa hiji waktu mah nyaatan atawa robah jadicimata getih. Ukur ngelunna haseup roko nu weleh satia marengan antengna kanyeri nu sudi nyingkah weleh ngabangbaluhan hate.

Kasaha nya kudu bebeja batin nu jumerit, ati nu ngalanglaeu nyeungceurikan nasib. Naha geus kodrat hirup dibalur kapeurih atawa Alloh ngahaja nyoba tepi kamana nyerahna batin nulanglayeuseun.

Ngorondang kuring ngamparkeun sajadah nu leuseuh, batin nyadrahkeun diri taya daya jeung kakuatan anging kakuatan nu datang ti nu Nyiptakeun beurang jeung peuting.

Geus mehmehan paragat kasabaran mun teu ngadenge sora hate galindengna kalimah Laaaillaaha Illalloh. Estu sadaya-daya Alloh nu Palay da kahayang rasa mah nganteur kadeudeuh manjang kanyaah. Ukur kahayang da puguh Alloh nu Robb Maha Ngatur jirimna qolbu unggal juntrung mahluk Ciptaanana.

"Deudeuh Geulis...yap geura mulang moal teu dirawu dipangku da anjeun teh beubeulahan nyawa." Leungeun nu karijut ngusap buuk nu ti lahir ditatap diusap dideudeuh-deudeuh didama-dama. Ari ku anak batur dilurjeunkeun diperes lahir disiksa batinna.

"Teu acan waktosna...Ema. Pan kasauran sepuh bumi teh oyag mun nguping hiji istri nyuhunkeun dipirak. Dugi kamana dugi ka kumaha ukur do'a nu ku abdi dipenta."

Mindeng nyaliksik diri naon kasalahan nu bisa jadi alesan nepi ka salaki tega ngadua rasa. Asa kurang kumaha bakti. Nya lahirna nya batina.
Naha saha atuh ari salaki kuring the. Ceuk batur mah ajengan tukang mere ceramah nuduhkeun ka jalan nu lempeng. Tapi solat tara, puasa mindeng liwat, mabok osok. Naha saha atuh salak ikuring teh anu jadi pamujian batur apal kana hadis paham kana Qur'an tapi unggal peuting ngalayang jeung dayang.

Naha saha atuh salak ikuring teh nu jirimna sare bareng, tapi teu katoong hatena. Mun ditanya rek kamana mun ditakon rek kumaha, minangka pangjawab ukur balem. Biwir lir dikonci gembok. Taya basa euweuh carita. Pamajikan lir boneka nu dikuyang kayeng batina.

Unggal peuting kuring nungguan. Ti detik ka menit ti menit ka jam nepi ka parat beak peuting. Kadang datang subuh teu jarang dua tilu poe teu balik. Pernah ngaminggu taya raratanana. Mun mulang awak lir tas cape, les sare tibra bari nyesakeun seuseuheun jaket nu pinuh ku lipen setip. Duit beak hutang mangjuta-juta raweuy dimamana. Rabul nu nagih ngan ukur disampakeun ku beungeut kuring nu carinakdak. Duit urut naon dipake naon estu teu nyaho jujutanana.

Kuring ukur jadi tulak panto nungguan ketrok tengah peuting , tuluy nyimbutan waruga nu batinna mah teuing dimana. Kuring nyadiakeun caina, nyuguhkeun daharna, mangnyeuseuhkeun bajuna.
Beurangna meredih tanaga nyiar kipayah keur sakalieun eusi beuteung ngayugaan budak titipan Alloh nu geus tara dideuleu-deuleu acan ku getih kokocorana.

"Bapa...naon ari rukun iman nu kagenep teh..?" tanya kuring ngayakinken batin. Nanya ka Bapa nu ngayuga. Menta panyalindungan ampir teu sanggup nandanganana.

"Iman ka qodo jeung qodar. Qodo nu hade jeleme loba nu iman, sedeng qodo nu goreng manusa loba nu aral." Raray nu pias kalayan lambey  ngageter ngagalindeng. Nyerina nu jadi anak teuing sabaraha puluh lipet jumeritna kolot. Boa tepi ka lapisan langit nu katujuh nu haleungheumna nyingray ku murubutna cimata jelema nu didzaliman..

"Lin jalan the nanjak mudun Bapa...Naha jalan abdi mah nanjak wae..?" Kakara kaluar tina dohir kalimah NAHA.

"Moal Geulis...mungguh sadaya nu aya di dunya taya nu langgeng. Taya bungah nu tetep, susah tangtu bakal suda. Kari urang yakin, da aya nu ngaturna."

"Nyai,nya tara panas kukupingan? Pan batur mah mani geus geunjleung. Bejana si Ujang sok baabarengan jeung dayang umur lima puluh taunan." Ceu Isah ngageubig-geubig awak. Kuring cicing teu nembal. Keur naon nembal da eta beja teh lin sakali dua kali kadenge, ngan can katingali.

"Geura taroskeun ka mang Kada. Pan bobogohana the sok didinya. Pernah diintip keur ciciuman cenah. Tepi ka di usir ku pamajikan mang Kada, da teu ridoeun imahna dijieun sarang maksiat." Ceu Isah beuki ngaguruh ngadurukan rasa. Kuring istighfar. Maca Falaq jeung Binas.
Naha enya eta beja. Ngan ukur pananya. Mindeng ta ge nanya ka jelemana jawabna ukur balem. Asa piraku jelema nyaho ayat tepi ka kitu.

"Ih..ajenganmah iblisna ge ajengan. Sakali-kali mah tuturkeun atuh salaki teh. Kamana jeung saha inditna. Dimana ngendongna." Ceu Euis mapatahan. Kuring ngahuleng. Keur naon ditutur-tutur. Ari kahayangna ngalajur napsu ngumbar amarah.

"Aa..naon atuh kapalay salira teh? Naha bade kamana arah rumah tangga urang ?" tanya kuring basa manehna balik satengah dua belas peuting. Jawabna ukur alungan jeket nu kotor lir kotor hatena.

Isukna, beurangna, peutingna angger kitu. Kuring angger nungguan satungtung kalimah talak hiji can betus.Kuring angger mangmukakeun tulak. Rek peuting, rek subuh, rek beurang. Kuring angger nganjuk ngahutang keur maraban daharna jeung dahar turunanana. Kuring angger mangnyangukeun nu mimindengna mah haseum dipiceun jadi kadaharan lauk dibalong da puguh tara aya nu ngadahar.

Awak rengkung beungeut kariput buuk murudul. Ngagetih teu eureun-eureun. Kuring sadrah. Pasrah. Kuring angger mangistrikakeun bajuna nu meureun dipake nganjang teuing kasaha teuing dimana.Kuring ngalakukeun sagala lain keur manehna. Kuring ngajalankeun sagala nu diparentahkeun satungtung kakurung ku tikah.

"Ieuh..sadar atuh hirup teh. Salaki diogo. Diimahan ku anjeun diparaban ku anjeun. Dimotoran dimobilan ku anjeun. Di hartaan ku anjeun.

Nya teu nyaho. Mobil,motor anjeun the rujad dipake apung-apungan nganganteur dayang nu umurna meh sarua jeung indungna."

"Didinya teh beunghar, awak ngora, rupa boga, naha rek masrahkeun diri jadi budak salaki. Jadi kekesed lalaki nu keur kapireupeunan ku olona bondon. Geura cengkat. Geura nyingkah. Hirup teh ngan sakali, kudu dinikmati." Euis ngaburakeun omongan. Lain Euis wungkul nu ngomong kitu teh. Kalimah-kalimah eta kaluar meh ti unggal jelema  nu salila ieu nyaraaheun ka kuring.

"Ari budak kumaha ?" Iman geus mehmehan luntur. Asa teu sanggup misahkeun budak jeung bapana.

"Anak tinggal anak. Teu kurangeun nu diterekeun maranggih milik. Naha kudu ngilu teuing ngatur. Da Alloh nu nangtukeun nasib budak mah. Nya marukankeun budak teu kasiksa batina.  Najan can ngartieun, tapi manehna ngarasakeun                                                                kanyeri indungna."                                                                                                  

Kuring ngahuleng.
Peuting ieu asa mani simpe.Beda jeung peuting sasari. Padahal lain sapeuting dua peuting kuring diuk ngalangeu kieu. Tapi peuting ieu karasa lewang. Baluas. Aya nu nyeredet. Aya nu nyeleket. Teuing pedah tadi beurang tas ngadenge ti atasana sorangan. Kumaha lampah salaki kuring nu sabenerna.                                                 

"Bapa mah lain rek ngabaruntakeun rumah tangga Ibu. Ngan bongan Ibu naros. Nya Bapa ngawaler nu saleresna. Najan enya Bapa teh sabenerna mah era. Tugas Bapa teh purah nganasehatan nu rumah tanggana  meh runtag jiga kieu. Tapi rumah tangga anak buah sorangan teu bisa diomean." Pa Ahmad nyariosna anca.

"Leres eta istri the unggal dinten ngantosan di kantor. Ti enjing dugi ka sonten. Teu hujan teu katiga." Panonna nyelang neuteup kuring. Kuring ranggah nungguan kalimah nu satuluyna.

"Mimiti ngakukeun ibuna, kadituna bibi, kadituna rerencangan bisnis. Tepi ka duanana dipanggil ngahaja diriungkeun. Majarkeun si Emih Tia teh da boga salaki.

Ngarandeg deui nungguan reaksi kuring meureun. Tapi kuring teu giming. Kakuatan lain datang tina hate tapi langsung dicepeng ku nu Kagungan kakuatan.

"Ceuk Bapa, komo atuh boga salaki mah. Nu ieu boga pamajikan nu itu boga salaki. Bapa teh geus beak dengkak nganasehatan. Ongkoh isin ku instansi sanes. Seug kantor Bapa teh pan kantor Agama. Dirucahan ku pagawe anyar nu statusna ge kakara                                        Capeg. Ngan setan leuwih kuat tibatan nasehat bapa. Caroge Ibu geus teu paduli kaleungitan gawe."

"Tong nyalahkeun Bapa mun aya panuduh, Caroge Ibu teh lian ti masalah moral oge diduga ilubiung kana kasus kabongkaran kantor Bapa. Nu nyababkeun kaleungitan duit kantor." Kuring colohok. Naha sajauh eta laku salaki nu ku kuring dipusti-pusti.

"Asa teu mungkin dugi ka dinya mah..." omong kuring dareuda.

"Tiasa janten anjeuna mah henteu, ngan pan curhatna pasti ka istri eta. Eta istri the lain bondon samanea. Tapi bondon tukang keret nu moal ngaleupaskeun mangsa nungguan tepi ka ancur sagalana."

"Ti saumur Bapa didinya tug dugi ka caroge Ibu sumping, nembe ayeuna aya kasus kabongkaran."

Geus cukup sakitu ge. Ieu beja lain ti Ceu Isah nu sohor tukang ngomongkeun batur tapi ti Kiai nu lampahna luyu jeung ucap.
Tapi asa lain pedah eta nu nyababkeun hate beda ti sasari. Rarasan asa beuki beda. Rasa lewang mingkin ngawang-ngawang. Asa baluas. Sora koreak pating koceak ngawakilan koceakna batin.

Hiliwir angin peuting marengan lengkah nyuay poekna peuting. Karasa teuasna taneuh ngilu nyurungkeun lengkah mapay insting batin.Leumpang muru hiji tempat nu ngalangkang na seleyengna lamunan.

Peuting rek ngagayuh ka subuh basa lengkah tepi ka panto kantor nu dina papanna ngajeblag Agama, dihareupeuna ngajungkiring bumi Alloh paragi jalma tunduk sujud nyerahkeun hirup jeung paehna. Basa panto ngareket muka, pikiran beuki kumalayang nepi ka teuteup pinuh ku deuleu teu percaya ningali dua mahluk keur ngumbar napsu.

Taya riuk kaget euweuh rupa dosa basa teuteup kuring paadu jeung beungeut salaki nu mangtaun-taun dikumbah sukuna, dihuapan daharna, diusap kesangna.                      

Nu katempo ting serengehna dajal...Kuring ngoleang...sakedapan rebuan mahluk Alloh nyanggap awak nu meh rag-rag ka bumi nu nyaksian baktina hiji awewe,ngarasakeun ragragna cimata nu ngabaseuhan taneuh nu suci Ciptaan Anjeuna.

Awak dirawu, dipangku, digupay, diusap, dikaleng. Disayagaan rupa-rupa kadaharan nu poe-poe kamari mah meunang adug lajer neangan. Rupa-rupa hiburan jeung jajaka nu ngalempereng koneng pahibut marebutkeun awak nu nahnay.

Peuting ieu mah panungtungan kuring ngalangeu marengan rehena peuting. Didieu kuring noong ningalikeun rupa-rupa warna hirup. Nu sadrah, nu aral, nu ngalajur napsu nu ceurik ngabangingik.Kuring embung noong deui komo marengan deui peuting nu rehe. Geus tepi ka peuting ieu. Peuting nu panungtungan.

4 komentar:

  1. Kasawang perihna ngageurihan pikir, hate baluweung pinuh bangbaluh tunggara...
    Sing sabar ngajalanan tapak kahirupan, sadayana nu rumingkang di pawenangan sami ngarandapan cocoba....
    Pungkas lalakon nu kaliwat jadi eunteung kahirupan, geura teuteup wanci isukan nu pinuh ku panghareupan...
    Tong hariwang ku kamelang ngambah sagara kahirupan, iwal shalat jeung sabar jadi pitulungna.....

    BalasHapus